New Update
Informasi Baru By Saepul_B on 08 Nopember 2016 [ 10:08 AM ] Informasi Baru bahwa situs saya bisa diakses melui domain www.sa...[ Selengkapnya ] |
Badak Jeung Sagala Sato
By Saepul, On May, 02 2012 at 08:04 AM Dibaca: X

Hiji mangsa sagala sato dina hiji leuweung daratang nepungan peucang,
Cek Peucang :“ He batur- batur naon pikarepeun sampean daratang kabeh ka kaula?“
Jawab sapi kolot :“ Kieu ujang, kaula teh sabatur- batur nu matak daratang ka dieu rek menta tulung pangmaehankeun badak, karana kekebonan kaula kabeh ruksak diranjah ku badak. Geus sababaraha kali dicaritakeun tapi teu daek ngagugu bae. Ayeuna kabeh kaula nyanggakeun, sing karunya bae ka kula jeung ka batur- batur“.
Jawab peucang : „Keun bae, eta mah kumaha kaula bae“.
Pareng peucang papanggih jeung badak.
Cek peucang : „Kiyai, naha kiayi geus ngadangu carios yen maung Raja leuweung ieu rek liren tina ngasta karajaan. Kaula hayang pisan dirajaan ku kiayi. Pantes pisan mun jadi raja, aya gagah, sakti, tambah-tambah kaumbang ku dedeganana, geus teu ningnang jadi raja teh.
Jawab badak : „Atuh puguh hayang mah. Ngan kumaha piakalaneunana“
Omong peucang : „Hih gampil, engke wengi urang sarare bae di patapan kuring di gawir Si Lungkawing, sugan pinareng aya ilapat nurbuat ragrag ka kiayi“.
Geus peuting dug ngaredeng di sisi gawir, ari badak beh tengah. Barang geus peuting pisan peucang pindah lalaunan.
Tuluy ngomong lalaunan :“Kiayi, iser ditu, kuring sieun ragrag, ieu tember pisan!“.
Badak teh teu rarat reret deui, tuluy ngeser. Ana gurubag teh badak tiguling ka lebak nu jungkrang pisan, nepi ka hanteuna.
tamat waeh hehe

BAGIKAN DI FB KAMU
Share On Facebook
Tag: =DONGENG SUNDA=
Terimakasih sudah membaca artikel: Badak Jeung Sagala Sato.
Jika Menurut Anda artikel ini beramanfaat silahkan bagikan keteman-teman Anda