Teya Salat
HOME
GUEST
ABOUT
New Update
» » Pamikat Manuk
Pamikat Manuk
By Saepul, On April, 23 2013 at 05:50 PM
Category: Carita Ngakak, Carita sunda.Dibaca: X



Kungsi ki Ihan boga pangaresep ngala manuk ka leuweung…
cara ngala na make kurung pamikat..
Tengah poe ereng-erengan ki Ihan turun ti leuweung, kesang ngoprot leungeuna ngajingjing kurung pamikat nu eusi na ngan aya hiji manuk pamikatna.
Gek ki Ihan ngaso di hiji warung di sisi leuweung.

Nu boga Warung nyeta Nini Matnasih gancang nyuguhan cai nginum,, di gigireun diuk neng Ejot Parawan tingting, ABG nu keur meujeuhna cumentil.

Neng Ejot nanya ka Ki Ihan

Neng Ejot : “ ti mana ki meni siga nu cape ??”
Ki Ihan : “ nyeta Neng, tos di leuweung, mikat manuk ngan teu hahasilan.. siganamah manuk pamikatna teu bias mikat manuk sejen.. ” bari ngelapan kesang ku kekesed.
Neng Ejot : “ beu… atuh mikat manuk mah babari, teu kudu make manuk pamikat sagala..”
Ki Ihan : “ babari ?? kumaha carana kitu ??” bari mencrong neng Ejot panasaran
Neng Ejot:“ hayu ku Neneng urang pangmikatkeun “ ceuk Neng Ejot bari nungtun leungeun ki Ihan ngajak ka leuweung.

Sabot nyieun kopi Nini Matnasih ge ngadenge-eun obrolan ki Ihan jeung Neng Ejot.
Nya bari keketeyepan manehna nuturkeun ka leuweung.
Nepi ka leuweung, neng Ejot langsung wae naek kana tangkal nangka bari mawa kurung pamikat ki Ihan, ki Ihan nungguan di handap.
Neng Ejot nu keur di luhur tangkal mukakeun calana na, pek cingogo siga nu keur kahampangan.
Angin nu ngahiliwir niup bobogaan neng Ejot nepi kadisadana siga suling..
“ Sssuuiuiuiiiiiiiittttt….” Kitu kira-kira sora na mah.

Teu kungsi lila manuk cing geleber areunteup kana dahan nu keur dicicingan neng Ejot.
Hiji hiji manuk asup kana kurung pamikat. Harita Ki Ihan balik bari beubeunangan manuk loba.
Nini Matnasih nu titatadi nyempod dina rungkun, tinggal sorangan. manehna hayang nyobaan mikat manuk siga neng Ejot tadi,
galacang Nini Matnasih naek kana tangkal nu tadi.
Langsung bae Nini Matnasih ngalaan sarung na, gek cingogo bubulucun. Angin nu ngahiliwir niup bobogaan Nini Matnasih nepi ka disadana NGAGELEBER …
“BRRWRRWRWWRRRRRWRRRKKK..”
kitu kira kira sora na mah da ma’lum nini nini atuh nya.

Teu kungsi lila nyampeurkeun hiji Maung lapar di handap tangkal hareupeun Nini Matnasih.
bakating ku reuwas nini Matnasih ragrag ka hareupeun maung pisan.
Maung gumetap,nini Matnasih gancang ngadu ’a rada tarik..
“ nun Gusti… mugia ieu maung teh bageur tur Soleh…” bari ngaderegdeg nini Matnasih jajampean.

Maung nu geus teu kuat lapar ngadenge-eun kana do’a nini, bari ngadeukeutan maung ge milu ngado’a : “ Allohumabariklana fima rozaktana……………………………………….”


Terimakasih sudah membaca artikel: Pamikat Manuk .
Jika Menurut Anda artikel ini beramanfaat silahkan bagikan keteman-teman Anda
dgdgdddd
on April, 17 2017 at 03:23 AM
aditya romansah
on October, 24 2016 at 09:44 PM
ua dadan
on October, 24 2016 at 09:40 PM
Mika
on April, 28 2013 at 04:53 PM
https://ad.style/
Random Post
Category
Navigasi
Iklan Situs
Random Kata
Patner Site
Gen: 0.0039 Sec.Online: 1