Insane
HOME
GUEST
ABOUT
New Update
» » Fesbukan geratis kartu tri / 3
Fesbukan geratis kartu tri / 3
By Saepul, On April, 24 2013 at 08:55 AM
Category: Carita Ngakak, Carita sunda.Dibaca: X




caritana teu kahaja uing panggih jeung si kumis tukang baso, ari rodana aya jelemana duka kamana...
ari sihoreng si kumis keur anteng ngoprek hp di juru pos ronda bari cungar cengir sorangan...
tuluy ku kuring di tanya

"keur naon mis ilaing cungar cengir sorangan siga nu gelo anyar"...

"ieu nuju update status"...

"beu,aya ku hade hade wae tukang baso bisa fesbukan oge"...

"atuh puguh weh atuh sok sanajan dagang baso ge ulah tinggaleun teuing weh"..."pan ceuk pa mario teguh ge elmu mah da teu meli jeung teu ningali fropesi nu penting mampu"...

"aya ku hade hade wae ilaing mah"..."emang aya mangfaatna dagang baso bari mesbuk"...

"atuh puguh weh aya mun heunteu mah nanaonan uing mesbuk"..."pan saur pa mario teguh ge dalam berbisnis kita harus bisa melihat apa yg lagi ngetrend sekarang ini"..."matakna uing ge nurutan weh mesbuk nu ayeuna keur rame"...

"naon hubunganna antara dagang jeung mesbuk"...

"atuh nya aya apan uing ngufdate statusna ge mromosikeun dagangan uing"..."tah pan gara gara mesbuk baso uing neupi ka ngetop di dunia maya"..."neupikeun ka aya nu meuli jauh jauh di jogja kadieu neang uing pedah manehna teh sok ngomenan uing"..."ayeuna ge uing keur ngufdate status"...

"ngufdate naon kitu bieu teh uing jadi panasaran"...

"bieu uing ngufdate status "BASO SI KUMIS BELI 2 MANGKOK GRATIS KUAHNA"

"ah,naon eta mah lain ge fromosi maenya gratis teh ukur kuahna"...

"eh tong salah justru loba nu panasaran"..."tuh geus aya nu komen mangkaning urang jauh hungkul neupi keun nu di arab ge ngomenan uing bakating ku panasaran"...

"ke... ke...geuning hp ilaing mah hpna hp jadul naha bisa fesbukan"...

"apan pake tri"...

"oh,ameh gratis internetan semaumu tea nya"..."emang bisa hp nu kitu di pake mesbuk"...

"make teu bisa sagala tinggal nga sms ka si lastri"...

"naon maksudna make mamawa si lastri"...

"dasar weureu ilaing mah hese ngartina"..."pan ilaing ge nyaho lamun hp uing teh jadul"..."matakna uing menta tulung mun ufdate status nga sms ka si lastri nu jaga warnet"..."tah ke mun uing liwat ka warnet si lastri ku uing di bere baso samangkok jang buruhna"...

"dasar kampret jadi tri teh si lastri"...

"nyeta heueuh"..."INTERNETAN PAKE TRI MAU MAU"...


Terimakasih sudah membaca artikel: Fesbukan geratis kartu tri / 3.
Jika Menurut Anda artikel ini beramanfaat silahkan bagikan keteman-teman Anda
Lia
on April, 29 2013 at 08:55 AM
https://ad.style/
Random Post
Category
Navigasi
Iklan Situs
Random Kata
Patner Site
Gen: 0.0012 Sec.Online: 1